Awal Sajarah Sunda
GEUS
kanyahoan, yen Rd. Wijaya nu ngadegkeun Majapahit teh incu Prabu
Rakeyan Darmasiksa ti karajaan Sunda. Sedengkeun Prabu Hayam Wuruk (incu
Rd. Wijaya) neruskan sumpah akina, nu MOAL NGAGANGGU BHUMI SUNDA. Sabab
Sunda teh luluhur Majapahit ti pihak laki-laki. Sumpah Rd. Wijaya teh
diucapkeun di keraton Kawali basa ngadeuheus, sarengsena upacara
diistrenan jadi raja Majapahit) Tapi kusabab Gajahmada (tadina penyebar
agama Budha ti Thailand) teu apaleun kana sumpah Rd. Widjaya malah
ngembarkeun sumpahna sorangan (Palapa) hayang nalukeun Nusantara.
Data-data artefax ngeunaan masyarakat Sunda, kapanggih dina :
- Warta Cina: Dina taun 132 M raja YE TIAO nu ngaran TIAO-PIEN
ngirim utusan ka Cina. Ye Tiao = Jawadwipa, jeung Tiao-Pien =
Dewawarman.
- Warta Ptolemeus; Dina taun 160 M saurang ahli elmu bumi urang
Iskandariyah turunan Yunani, nu ngaranna CLAUDIUS PTOLEMEUS nulis
catetan, nu sumberna ti pelaut Arab nu sering ngabuniaga ka
India,nerangkan yen IABADIO = YAWA-DWIPA nagri nu subur. Aya kota
dagang nu disebut ARGYRE = Kota Perak >Rajata pura, di
SALAKANAGARA.
- Warta FA-HIEN inyana pendeta Budha, samulangna ti India ,
balayar ngaliawatan laut kidul. kasarung tur angkleung-angkleungan
hanjat ka hji pulo salila 5 bulan. Pulau teh disebut Ya-Va-Di dina
tgl. 14 April tahun 414 M. Inyana nyebutkeun aya nagari endah tur
badag, disebut TO-LO-MO = Ta ru ma (Nagara)
- Prasasti, nu kapanggih aya 20 :
- Prasasti Karajaan Galunggung: di Geger Hanjuang (Tasikmalaya).
- Prasasti Karajaan Pajajaran: di Kabantenan (Bekasi), Batutulis (Bogor).
- Prasasti Karajaan Sunda:
- Kawali (Ciamis)
- Cibadak (Sukabumi)
- Prasasti Tarumanagara:
- Ciaruteun (Bogor)
- Kebon kopi (Bogor)
- Pasir Gintung (Bogor)
- Cidangiang (Pandeglang)
- Tugu (Bekasi)
- Titinggal Kuno:
- di puncak gunung Agrabinta , sawareh aya di sawaah(Cianjur selatan)
- di puncak gunung Padang (Ciwidey Kab.Bdg)
- di Dalem agung Pakungwati (Cirebon)
- di Sunyaragi (Cirebon)
- di Cangkuang (Garut)
- di Bojong Menje (Cicalengka)
- Titinggal mangrupa naskah Kuno:
- Kropak No. 406 CARTA PARAHYANGAN ( Museum Pusat, Jkt).
- Kropak No. 630 SANGHYANG SISKSAKANDA KARESIYAN(s.d.a)
- Kropak No. 632 AMANAT TI GALUNGUNG (s.d.a)
- Kropak No. 410 CARITA RATU PAKUAN (s.d.a)
kabeh ditulis dina daun lontar.
- Naskah kuno PUSTAKA WANGSAKRTA sajarah ti 90 daerah di
Nusantara nu ditulis tahun 1677 M.-1698 M. aya 52 nashkah kuno,
nya eta:
- PUSTAKA RAJYA-RAJYA I BHUMI NUSANTARA, 25 jilid.
- PUSTAKA PARARATWAN I BHUMI JAWADWIVA, 12 julid.
- PUSTAKA NAGARA KERTABHUMI, 12 jilid.
- PUSTAKA CARITA PARAHYANGAN, 5 jilid.
Catetan kacindekan Mang Usep:
Ngadegna Karajaan di Tata Sunda, salila 14,5 abad, mimiti taun 130 M nepika.taun 1579 M. runtuyanana:
- Karajaan SALAKANAGARA (Th. 130 M – 363 M.)
Pernahna: di Pulasari-Pandeglang
Piseur dayeuhna: Rajatapura (Kota perak)
Raja munggaran: AKI TIREM SANG AKI LUHUR MULYA
Disebut oge Panghulu Sunda. Hulu=sirah.> Pemimpin.
Raja kawentar: DEWAWARMAN
Agama Nagara: Sanghyang agama
Raja-raja liannya: – Pohaci Larasati; Dewawarman I npk.. Dewawarman
VIII. (Prabu DARMAWIRYA DEWAWARMAN) Ku minantu Dewawarman VIII
puseur karajaan dipindahkeun ka Jayasinghapura, ngadeg
Tarumanagara.
- Karajaan TARUMANAGARA(Th. 345 – 666 M.)
Pernahna di Bogor kulon.
Puseur dayeuh: JAYASINGHAPURA (Jasinga?)
Raja munggaran: MAHARESYI JAYASINGAWARMAN GURU DARMAPURUSA atawa
RAJADIRAJAGURU.(mantu Dewawarman VIII –nikah ka Iswari Tunggal Pretiwi
Warmandewi.
Raja kawentar: PURNAWARMAN.(Raja ka-3)
Agama Nagara: Hindu
Raja-raja sejenna:Aya 12, diantarana: Wisnuwarman, Candrawarman,
Suryawarman, Kretawarman,Sudawarman,Nagajayawarman.Tarusbawa.
Tarumanagara 12 kali ganti raja. Ku Tarusbawa.minantu Nagajayawarman,
poseur karajaan dipindahkeun ka Sundhapura(Bekasi) ngadeg karajaan
Sunda
- Karajaan SUNDA (669 M-1175 M)
Wewengkonna antara basisir kidul Sumatra (basisir Lampung_ npk. Kali Serayu di Jawa Tengah.
Puseur dayeuh: SUNDAPURA (Bekasi)
Raja munggaran: Prabu TARUSBAWA DARMAWASKITA SUNDA SEMBAWA.(mantu Nagajayawarman, ti Tarumanagara)
Raja pamungkas: DARMAKUSUMA.
Raja kawentar: SRI JAYABUPATI (mantu Erlangga,).
Agama Nagara: Hindu-Budha-Sanghyang
Raja-raja lianna: Rakeyan Kamuninggading; Rakeyan Jayagiri; Atmayadarma
Hariwangsa; Limbur Kancana; Munding Ganawirya; Rakeyan
Wulunggadung; Brajawisesa; Dewa Sanghyang; Sanghyang Ageng.;
Langlangbumi, Menakluhur.
- Kerajaan GALUH (620 M-1350 M).
Pernahna : di wetanneun Citarum npk. Cipamali-Jateng.
Puseur dayeuh : Galuh Pakuan (Kawali-Ciamis)
Raja munggaran : WRETIKANDAYUN (turunan Kudungga nu datang ka Sunda,
jeung adina (Sang Kandiawan tur Sang Kandiawati), dibere tanah ku
Purnawarman di wewengkon Nagreg, ngadegkeun karajaan Kendal. Nyieun
candi Cangkwang di Bojongmenje (Cicalengka). Ngadeg karajaan
Galunggung, ahirna ngadeg karajaan Galuh.
Raja kawentar: PRABU MAHARAJA LINGGAWISESA(nu gugur di Bubat).PRABU WASTUKANCANA.
Raja pamungkas : SANG MANARAH (Ciung Wanara)
Agama Nagara: Hindu-Budha.
Raja-raja liana: Sang Mandiminyak; Sena(Bratasenawa); Sanjaya; Sang Premana Di Kusuma; Rakeyan Tamperan Barmawijaya
- Karajaan PADJADJARAN (1330 M – 1579 M).
Pernahna : di Bogor
Puseur dayeuh : Sri Bhima Punta Narayana Mandura Suradipati Pakuan
Pajajaran. (ngaran karaton, jadi ngaran puseurdayeuh, jadi ngaran
karajaan).
Raja munggaran
rabu Susuk Tunggal (Putra cikal Wastukancana ti Karajaan
Sunda).Wastukancana ngabagi 2 Sunda, jadi Sunda jeung Galuh, da putrana
2: Sang Haliwungan gelar Susuk Tunggal +Ningrat Kancana gelar Dewa
Niskala)
Raja kawentar: Prabu Siliwangi(Sri Baduga Maharaja, ngahijikeun deui Sunda+Galuh jadi Pajajaran).
Raja pamungkas: Prabu Sedah (Suryakencana).
Agama nagara: Hindu, Sanghyang, Islam.
Raja-raja liana : Dewa Niskala; Linggadewata; Amuk Murugul; Surawisesa;
Gurugantangan; ,Ratu Dewata; Ratu Sakti Sang Mangabatan;
Nilakendra; Ragamulya.
Padumuk (penduduk) puseur dayeuh Pakuan 48.271 jiwa, kaduabadag sanggeus Demak,49.197 jiwa, ka tilu, Pasai, 23.121 jiwa.
Dina tanggal 11 paro-terang, bulan Wesaka, taun 1501 Caka sarua jeung
tgl. 11 Rabiul awal 987 Hijriyah atawa tgl. 8 Mei 1579 M.
puseurdayeuh Pakuan Pajajaran Sirna ing Bhumi ,nyakitu puseurdayeuh
heubeul Pajajaran(Salakanagara) di Pulasari Pandeglang.beak
dijorag pasukan Banten, Cirebon, jeung Demak.
- HUBUNGAN KULAWARGA
MIMITI Ti pamarentahan Purnawarman di Tarumanagara, aya hubungan
getih/kekerabatan, jeung KUTAI /BAKULAPURA .(putrid cikal raja
Kudungga.). Aswawarman-putra Purnawarman, ti orok keneh, dicandak
ti Taruma, dirorok ku eyang ti pihak Ibu ( Kudungga.) jadi raja
Kutai. engkena digentos ku Mulawarman.Putu Mulawarman jadi raja
munggaran di Sriwijaya,Palembang.
Hubungan getih/kekerabatan saterusna sina mangsa karajaan Sunda.Putra mahkota karajaan Sunda, migarwa putri ti Sriwijaya.
Kakulawargaan diteruskeun, ku nikahna putra mahkota karajaan Galuh,
RAKEYAN DARMASIKSA ka putri Mahisa Campaka ti Singosari. nu
ngalahirkeun Rd.WIJAYA. ti burey diaping ku Patih Pakuan RAKEAN
BANYAKWIDE (Diangkat jadi bupati Madura, jujuluk ARYA WIRARAJA).
Masih kajadian deui, Sri Jaya Bupati, Raja Sunda, nikah ka putri
Erlangga ti Kuripan Jawa Timur. Terus Sanjaya (Raja Galuh) nikah ka
putri RATU SHIMA/ RATU BHAKA/ di Jawa tengah. Sagala rupa
pernikahan ka urang tatar wetan, ANCUR, TEUMEUNANG, CADU, BUYUT
sabada “peristiwa BUBAT”.
Ngadegna karajaan Islam Cirebon jeung Banten, mangrupa seler karajaan Pajajaran.
Catatan leutik, ngeunaan Prabu Siliwangi:
Jenengan nuju alit: Pamanahrasa, saparantos jadi prabu anom robih jadi Jayadewata.
Jayadewata, teh incu munggaran Prabu Wastukancana (Prabu Wangisuta).
Jayadewata diistrenan jadi raja 2 kali. ngawitan ku Prabu Dewa Niskala,
jadi raja GALUH, kadua ku Prabu Susuk Tunggal (mertua) jadi Raja
Pajajaran, dengan gelar SRI BADUGA MAHARAJA SRI SANGRATU DEWATAPRANA.Dua
karajaan dihijikeun, sapertos ku Wastukancana Gelar Siliwangi kaceluk
ku rahayat GALUH. pedah sikep tur perilakuna sarimbag sareng Prabu Wangi
(Eyang buyutna nya eta Prabu Maharaja,nu gugur di BUbat, nya kitu
seueur sarimbag sareng sikep Prabu Wastukancana/Prabu Wangisuta,
(eyangna) nu leuwih condong merhatikeun rahayat, tur teu mikaresep
kamewahan dunya.. Eta sababna dianggap sarua jeung Prabu Wangi,
Dijadikeun pangganti Prabu Wangi, disebut we SILIHWANGI/ SILIWANGI.
Istri munggaran Siliwangi, NYI RAMBUT KASIH, putri Ki Gedeng
Sindangkasih(Pamanna), teu gaduh putra. Ti istri kadua, NYI SUBANGLARANG
putri pamanna keneh, Ki Gedeng Tapa). Subanglarang tos Islam, alumnus
pesantren SYEH QUROO di Karawang.. Istri katilu, adi Prabu Amuk Murugul
(putra Ptabu Susuk Tunggal), NYAI KENTRING MANIK MAYANG SUNDA gaduh
putra SURAWISESA(putra mahkota,engkena jadi raja Pajajaran. ti Nyai
Subanglarang, kagungan putra, WALANGSUNGSANG (ngadegkeun karajaan Islam
Cirebon), RARASANTANG, jeung JAKASENGARA.tiluanana ISLAM.
NB:
Mun aya putra Siliwangi nu jenengan KEAN SANTANG, ti
istri nu mana? SAHA IBU KEAN SANTANG? Komo disebut PRABU KEAN SANTANG,
dimana jadi rajanya? (Prabu=raja nu maotna diduruk, tina per-abu-an)
Istri kaopat,ti Pajajaran keneh, NYAI EMAS LENGGANG PAKUAN,
Siliwangi, kagungan putra saurang (SUNAN BURUNGBAOK) diangkat jadi raja
daerah di karajaan Panjalu.. PRABU SILIWANGI palastra tahun 1521 M.
Sabada dikubur 12 tahun, dibongkar, diduruk tulang ragana ( panghormatan
ka Raja Utama), lebu janazahna disimpen di KABUYUTAN RANCAMAYA,
kuloneun puseur dayeuh Pakuan. 58 tahun ti harita, basa Pajajaran
dirajaan ku Prabu Sedah, karajaan Pajajaran diancurkeun ku tentara Islam
gabungan Cirebon, Banten jeung Demak.(jadi, bohong Siliwangi di
Islamkeun,da asupna Islam ka Pajajaran sabada Siliwangi pupus).
Aya “penghancuran” budaya, nu dipilampah ku Gubernur Jenderal Hindia
Belanda, SNUCK HURGRONYE, inyana mawa misi ngancurkeun Islam, bari
nyebarkeun Kristen di Hindia Belanda. Samemehna, inyana diajar heula
keislaman di Mesir salila 5 tahun. Di Hindia Belanda (Indonesia)
dibaturan ku WILLIAM VANDER PLASH, nu diangkat jadi Gubernur militer
(Jawa Timur),duanana nyamur bari nguriling Nusantara. kanyahoan, tina
400 sukubangsa nu aya di Hindia Belanda, aya 2 sukubangsa nu sulit
ditalukkeun /dikristenkeun, nyaeta SUNDA jeung ACEH. Sunda teu bisa
digempur ku militer, sabab urang Sunda ahli perang (karajaan di Tatar
Sunda can kungsi eleh diranjah ku karajaan sejenn,(kaasup ku Majapahit)
sabab system pertahanan tur teknik tempurna ulung, ngan teu kungsi
dipake narajang kerajaan sejen di luar Tatar Sunda,(teu ngajajah nagara
sejen) salila 14,5 abad), jeung dipiserab sabab rengkak paripolahna nu
handap asor,someah,darehdeh tapi tangoh.
Mangka digorogot budayana, ku nyiptakan DONGENG SANGKURIANG, jeung
SILIWANGI JADI MAUNG (ngamangpaatkeun hasil panalungtikan sersan VOC
Scopio, nu kungsi nempo maung badag dina urut karaton Pajajaran), cenah
sanggeus dibeberik Kean Santang rek di Islamkeun. Maksudna, ngarah
tembong gorengna Islam ngaliwatan peristiwa ANAK MAKSA TUR NGUDAG-NGUDAG
BAPA. (padahal taya paksaan dina agama, sabab geus jelas mana nu bener ,
jeung mana nu salah) .Sedeng Dongeng Sangkuriang, ngawujudkeun manusa
SUNDA leber wawanen, pinter, tur tangoh, jadi MINDERWARDIG COMPLEXS
alias rendah diri,(lain “rendah hati “) sabab dicaritakeun Sunda TURUNAN
ANJING TUMANG, INCU BABI WAYUNGYANG.Sunda dirusak TI JERO.
Aceh sulit diruksak budayana, kapaksa DIHANTEM KU KAKUATAN MILITER.
SNUCK HURGRONYE jeung WILLIAM VANDER PLASH, apal ditalar eusi Al Qur’an
(kungsi ngarobah 1 ayat Al Qur’an,-jalma nu sabar bakal asup surga,
diganti jadi jalma nu sangsara bakal asup surga, ngan kayahoan!) jeung
1800 Hadits.
Saciwit ngeunaan “peritiwa” Bubat dumasar naskah kuno Pustaka Wangsakerta:
Geus kanyahoan, yen Rd.Wijaya nu ngadegkeun Majapahit teh incu Prabu
Rakeyan Darmasiksa ti karajaan Sunda. Sedengkeun Prabu Hayam Wuruk (incu
Rd.Wijaya) neruskan sumpah akina, nu MOAL NGAGANGGU BHUMI SUNDA. sabab
Sunda teh luluhur Majapahit ti pihak laki-laki. Sumpah Rd.Wijaya teh
diucapkeun di keraton Kawali basa ngadeuheus ,sarengsena upacara
diistrenan jadi raja Majapahit) Tapi kusabab Gajahmada (tadina penyebar
agama Budha ti Thailand teu apaleun kana sumpah Rd.Widjaya. malah
ngembarkeun sumpahna sorangan(Palapa) hayang nalukeun Nusantara.
Pasukan Sunda nu datang ka alun-alun Bubat, ngan 100 urang, miang ti
Sundakalapa make 2 kapal layar. (da datangna ka Majapahit rek
ngawinkeun) nya eta; raja, prameswari, 2 urang patih (Rakeyan Sang
Anapaken jeung Rakeyan Buyut Mantri), putri mahkota (Dyah Citraresmi
Pitaloka),50 urang pengawal istana, sesana wanoja pangiring penganein
.satepina ka alun-alun Bubat, Prabu Linggawisesa mgirim surat embaran ka
Hayam Wuruk, ditarima ku Gajahmada (nu geus lila panasaran hayang
nalukkeun Sunda, pedah sakuliah Nusantara malah nepi ka Philipina geus
taluk, iwal Sunda ). Tanpa bebeja ka Hayam Wuruk, dibalesan surat raja
Sunda, teh yen putri Dyah Citraresmi Pitaloka kudu diserenkeun sabage
UPETI ciri takluk. Puguh we raja jeung para ksatrya Sunda asa dihina.
Kajadian we pertempuran nu teu saimbang (100 urang dikepung ku 10.000 tentara Majapahit) urang Sunda tumpur, teu nyesa!
Sanggeus eta kajadian, salila 3 bulan Hayam Wuruk gering parna, nepi
ka aya 7 kali na menta dihampura ka puseur dayeuh kawali, diluluguan ku
pandita agama Hindu Mahayana, Sundayana jeung Tantrayana, bari ngirim 20
dongdang emas berlian minangka tanda bhakti tur handeueul.. Parmenta
dihampurana, DITARIMA ku adi Prabu Linggawisesa,nu myuluran rakana jadi
raja Sunda, salila putra mahkota WASTUKANCANA (adi Dyah Citraresmi
Pitaloka, nu karek yuswa 9 tahun) can dewasa. Eta sababna teu kungsi
kacarita aya serangan ka Majapahit, padahal 40 kerajaan di luar Sunda
sayaga mantuan Sunda, mun rek nyerang Majapahit.
Akibat “peristiwa PEMBANTAIAN” (lain pertempuran) di Bubat ,sakur
karajaan jajahan majapahit,kaasup Philippina ngamerdekakeun diri. Atuh
Jenengan raja Sunda kawentar ka sakuliah Nusantara jenenganana seungit
(wangi), mangka disarebut Prabu Wangi. Putrana, Wastukanca, disebut
Prabu WANGISUTA, atuh buyutna, disebut Prabu SILIHWANGI (gaganti Prabu
Wangisuta) robah jadi SILIWANGI. Ti harita, unggal raja Sunda nu nikah
ka putri ti Majapahit(Tatar wetan) pasti dimakzul (diturunkeun tina
tahta), saperti Sri Jaya Bhupati nu nikah ka putri Prabu Erlangga, jeung
rama prabu Siliwangi (Linggadewata,raja Galuh) nikah ka putri ti
Mataram Hindu. Unggal putri ti “wetan” disebut rara hulanjar,hartina
wanoja buyut.
Catetan leupas sumpah bubat (tina lontar) :
Nihan ta wuwusna
rudiarana iking bhubat sabha,ksatrya sunda tan atemahan ring nagara pada
jaya mami. “ Najan banjir getih, bedah di palagan Bubat, cadu ksatrya
Sunda ancur ajen diri di lemahcai sorangan”. ***.